MAKALAH BUDAYA SUNDA
MAKALAH BUDAYA SUNDA
BAB I
BUBUKA
BUBUKA
A. Kasang Tukang
Pakasaban mangrupa salasahiji unsur kabudayaan
anu teu bisa dileungitkeun. Pakasaban di Kampung Baduy
loba pisan hubunganna jeung alam. Masarakat Baduy mikir, yén kumaha carana bisa
hirup, bisa digawé tampa ngarusak alam. Umumna hasil tatanén di masarakat
Kanékés téh pikeun nyumponan kahirupan sapopoé. Jadi kacida pentingna pakasaban
pikeun urang Kanékés hususna, masarakat umumna.
B. Rumusan Masalah
·
Naon
nu dimaksud tatanén téh?
·
Kumaha
sistim tatanén nu aya di Kampung Naga?
·
Kumaha
sistim tatanén nu aya di urang Kanékés atawa masarakat Baduy?
C. Tujuan
·
Maham
kana unsur kabudayaan
·
Weruh
kana istilah tatanén
·
Weruh
kana sistim tatanén nu aya di kampung batur, nyaéta kampung Naga jeung Kampung
Baduy
BAB II
LANDASAN TIORI
LANDASAN TIORI
Tatanén asal kecap tina
tani anu hartina tatanian, ngalaman parobahan morfologis jadi kecap tatanén.
Tatanén atawa tani, mangrupa hiji tempat pikeun melak tutuwuhan. Tatanén leuwih
museur kna sawah atawa melak paré, aya ogé kecap tatanén anu dipaké pikeun ngebon.
Tatanén mangrupa
pakasaban utama masarakat Jawa Barat hususna, indonesia umumna. Unggal
wewengkon di Jawa Barat boga istilah-istilah anu sarua tapi ngandung harti anu
béda, aya aogé anu hartina sarua tapi istilah anu digunakeunna béda.
Dina unggal sistem
tatanén merlukeun téhnik-téhnik anu husus sangkan dina proses melak ogé
ngurusna tarapti sarta hasil anu mucekil.
Tatanén nyaéta sagalarupa kagiatan anu aya patalina jeung tani.
Tatanén éta dilakukeun di sawah kalawan ngagunakeun pakakas anu ngrojong kana
lumangsungna éta kagiatan. Pikeun masarakat Jawa Barat umumna, tatanén téh lain
mangrupa kagiatan anu anyar, tapi kagiatan éta téh geus mangrupa hiji kagiatan
anu utama dina kahirupan sapopoé, salian ti éta sabagéan gedé masarakat salaku
patani.
Tatanén mangrupa hiji pakasaban nu utama dina kahirupan manusa, di
sababaraha wilayah nu aya di bumi ieu geus ngalaman hiji prosés kamajuan nu
cukup panjang dina sajarah kahirupan umat manusa. Prosés kamajuan éta sacara
hipotesis bisa ngungkabkeun yén mangsa kahiji usaha manusa mertahankeun jeung
nyumponan pangabutuh dina kahirupan di dunya ieu, ngusahakeun ngumpulkeun hasil
bumi jeung moro sato di sabudeureun tempat maranéhna cicing (Ekadjati,
1980:165). Jadi, hipotésis nurutkeun Ekadjati nya éta nyebutkeun yén kahirupan
manusa dina nyumponan pangabutuhna ku cara ngumpulkeun hasil bumi jeung moro
sato. Danasasmita (2003:39) nétélakeun yén dina carita parahyangan téh teu aya husus istilah patani, tapi pahuma.
Legénda ngeunaan pancakusika nuduhkeun aweuhan kabudayaan huma, lantaran
dulur-dulur wretikandayun téh jaba tinu jadi padagang, nu tiluan deui mah nya
jadi pahuma, panyadap jeung panggerep (tukang moro).
Saterusna dina ahir abad
ka-19 kagiatan éta mimiti leungit luyu jeung kamajuan jaman, masarakat mimiti
wanoh kana kagiatan sistem bercocok tanam. Kagiatan éta mangrupa hiji peristiwa
dina perkembangan manusa, tapi para ahli can bisa nangtukeun anu pasti iraha
parobahan éta terjadi (Ekadjati, 1980:165).
Numutkeun inpormasi ti sababaraha sumber,
diantarana Sanghyang Siksa Kanda(ng) Karesian (1518 M) bisa dipaluruh yén
masarakat di tatar Sunda, mimiti wanoh ka sistim sawah (Nyawah) dina abad
ka-16M. Kawas anu aya dina catetan harian VOC (Deaghregister, 9 Desember 1693)
nu ngalaporkeun ayana kagiatan nyawah di daérah Indramayu jeung Gebang (De
Klein 1931:92).
Catetan munggaran nu dipikawanoh ngeunaan laku
lampah nu dilakonan ku Sultan Ageng dina widang tatanén, aya dina taun 1659.
Pajabat Walanda salian ngayakinkeun Batavia, nu
ngahariwangkeun sisi stratégis tina pangwangunan terusan ti Walungan Tanara
(Cidurian) nepi ka Walungan Ontong Jawa (Cisadané) pikeun kaamananna, ku
nambahkeun yén ieu terusan téh teu ngan saukur pikeun sarana komunikasi, tapi
ogé pikeun persediaan cai pikeun
nyaian sawah-sawah. Ieu pangwangunan téh dimimitian dina bulan Séptémber 1663.
Geus dipikawanoh, yén lumbung geus diwangun dina
taun-taun 1635-1636 di belah wétan istana dekeut pasar, nu ayana di lapangan
karajaan nu dibéré ngaran darparagi di Banten.
Numutkeun
artikel Dede Kosasih nu judulna “Poyok Ungkal” (nu dimuat dina Cupu Manik No.20
2005) yén lamun nilik tina sistem tatanénna, kapan sistim tatanén sawah nu
munggaran di Tatar Sunda téh béjana tempatna téh di Conggéang, Sumedang.
Nurutkeun katerangan Saléh Danasasmita dina buku “Pakuan Pajajaran”, ari daérah
nu pangheulana disawahkeun téh nya Conggéang. Boa-boa, nya Mbah Jerad spk. Anu
mokalan jeung nyikalan muka sawah di kampung Cacaban lelewek Conggéang kénéh,
nu paeunteung-eunteung jeung Désa Ungkal. Nilik kana kecap cacaban, patalina
jeung toponimi, asa deukeut kana kecap ceceb. Ari kecap ceceb téh hartina
nancebkeun atawa ngabebeskeun binih. Lamun dina polah nyawah mah pantes pisan
ieu téh laku nu keur tandur atawa melak paré téa. Munasabah cacaban téh hartina
sarua jeung panyeceban binih paré, cindekna mah tempat melak paré.
BAB
III
EUSI
EUSI
A. Pakasaban jeung
Sistim Tatanén masarakat Kanékés
1.
Gambaran Umum
Masarakat kanékés hirup
dina hasil tatanén, sistem tatanén anu di pakéna nyaéta sistem ngahuma.
Ngagarap taneuh ku sistem sawah mangrupa hal anu teu biasa pikeun maranéhna.
Salian tina sistem huma, maranéhna meunang sumber kahirupan tina usaha nyadap
kawung pikeun dijadikeun guka beureum, néang madu dileuweung, moro dileuweung,
nyair lauk diwalungan, jeung metik buah tina tatangkalan anu gedé, saperti cau,
kadu, peuteuy, kalapa, rambutran, jst. Sawaréh ti manéhna jadi pandai pikeun
nyieun pakakas tina beusi kayaning bedog, kujang, koréd jst. Masarakat anu
awéwéna sawaréh boga usahadina widang ninun bahan di imah ku alat tinun
tradisional pikeun nyumponan kabutuhan sandang sorangan hasil tinunan mangrupa
bahan, salendang, bahan kabaya, bahan baju lalaki. Geus tangtu diantara
maranéhna aya nu miboga kaahlian dina ngawangun imah atawa patukangan.
Umumna mah hasil
tatanén téh pikeun nyumponan kabutuhan hirup maranéhna sorangan. anapon kitu,
gula bereum, bungbuahan, bedog, jeung madu bisa didagangkeun kaluar. Sedengkeun
barang-barang kabutuhan anu can kacumponan ku usaha sorangan mah meuli sorangan
contona bahan, lauk asin, uyah, kaca. Lahan huma anu digarap ku maranéhna lain
lahan milik sorangan tapi lahan garapeun sorangan. Jadi, ngan hasil garapanna
(paré) anu bisa milik sorangan, sedengkeun taneuhna mah teu bisa jadi milik
sorangan. Anapon kitu tutuwuhan gedé anu dipelak di salasahiji lahan huma bisa
di aku milik manéhna. Ku kituna urang kanékés ngagarap huma dilahan garapan
séwang-séwangan.
Kusabab tatanén huma
mangrupa hiji-hijina sumber usaha kahirupan urang kanékés, jadi siklus jeung
pola ngagarap humana gé mangaruhan pisan kana pola kahirupan manéhna. Cara
ngagarap huma maranéhna miboga ciri anu béda jeung cara ngagarap huma
dikelompok masarakat nu séjén, bédana téh aya cara miara lingkungan jeung
sakitarna lain ngarusak lingkungan alam.
Urang kanékés miboga
sistim kalénder anu saluyu jeung pola kagiatan tatanén maranéhna jeung sistim éta téh bener-bener
dipaké. Itungan kalénder maranéhna dumasar kana sistim peredaran bulan, siga kalénder islam.
Bulan kahiji dina
kalénder urang kanékés bareng jeung kagiatan mimiti di huma nya éta dina mangsa
kapat numutkeun kal’ender jawa mah. Dina bulan saterusna sarua jeung runtuyan
kalénder jawa nya’eta bulan ka-2 = mansa kalima, ka-3 = mangsa kanem, ka-4 = mangsa katitu, ka-5 = manga kawolu, ka-6 = mangsa kasanga, ka-7 = mangsa kadasa, ka-8 = hapit kayu, ka-9 = hapit
lemah, ka-10 = mangsa kasa, ka-11
= mangsa karo, jeung ka-12 mangsa katig. Jumlah bulan dina kalénder urang
kanékés nya éta sapuluh bulan anu dina unggal bulanna aya 30 poé tapi pikeun
nyaluyukeun jeung mangsa ayana rasi
béntang dina hiji posisi nya éta 359 poé, diseselkeun dua bulan, nya éta
dina bulan ka-8 jeung ka-9 kucara dibéré ngaran hapit kayu jeung hapit lemah (Saleh Danasasmita jeung Anis
Djatisunda, 1986: 37-38).
Aya pakakas anu
digunakeun ku urang kanékés pikeun ngitung kalénder, nya éta kolénjér jeung
sastra. Kolénjér téh dijieunna tina papan kurang leuwih ukuranna 6 cm X 25 cm
anu dibéré tanda mngrupa titik jeung garis. Sedengkeun sastra dijieunna tina
awi atawa papan. Ngan ukur urang kanékés anu bisa maké kolénjér jeung sastra,
anu baheulana disebut bujangga.
Urang kanékés
biasana ngamangpaatkeun sagala nu aya di alam pikeun itungan kalénder. Sagala
nu aya di alam téh nya éta béntang, panon poé, jeung ramat. Lamun awal taun
cirina aya béntang kijang (urang jawa nyebutna béntang wuluku), dibelah wétan
dina waktu janari (kira-kira jam 04.30). éta kajadian téh ku maranéhna disebut
ninggalkeun kidang (mimiti ayana béntang kijang). Dina waktu anu sarua, panon
poé aya di belah kalér anu disebut mata
poé déngdék kalér salian ti éta sayang lancah kijang anu biasana aya dina
jukut nalika nanggalkeun kidang. Tah
dina waktu éta maranéhna ngamimitian ngagarap taneuh, kusabab taneuh geus tiis. Nalika ayana béntang kijang dibelah
wétan urang kanés mimiti migawé di huma kucara maké pakakas kujang.
2. Daur Ngagarap Huma
A. Jinis Huma
Dumasar
kana pungsi, tempat, tingkatan adatna, di Kanékés aya lima jinis Huma, nyaéta :
(1) Huma Sérang, (2) Huma Puun, (3) Huma Tangtu, (4) Huma Tuladan,
(5) Huma Panamping.
1)
Huma
Sérang nyaéta lahan huma anu lokasina aya di
daérah Tangtu, paré hasil ngagarapna
husus dipaké pikeun acara kapuunan.
2)
Huma
Puun nyaéta huma anu lokasina di daérah
Tangtu anu paré hasil garapannana pikeun garapan puun ogé mangrupa jaminan
kahirupan puun jeung kulawargana nalika manéhna ngajabat salaku puun.
3)
Huma
Tangtu nyaéta lahan huma anu lokasina aya di
daérah Tangtu, paré hasil garapanna husus pikeun masarakat anu aya di daérah
Tangtu (Kanékés dalam).
4)
Huma
Tuladan nyaéta lahan huma anu aya di daérah
Panamping anu paré hasil garapanna husus dipaké pikeun kaperluan upacara di
daérah Panamping.
5)
Huma
Panamping nyaéta lahan huma anu aya di daérah Panamping anu hasil paré na husus
pikeun masarakat Panamping.
Beuki
nambahan masarakat Kanékés, utamana orang Panamping ogé beuki teu cukup lahan
huma anu di perlukeun. Kukituna, ka béh dieunakeun teu saeutik masarakat
Kanékés anu nyéwa lahan huma di luar daérah Kanékés. Sistemna aya anu bagi
hasil, aya ogé anu nyéwa lahanna make duit. Salian ti éta, aya ogé masarakat Kanékés
anu ditempatkeun ku pamaréntah di luar daérah Kanékés, nempatan lahan urut
kebon ogé disadiakeun lahan pikeun ngagarap huma.
B.
Daur Ngagarap
Garapan
huma di Kanékés ogé ngalaman pundah-pindah tempat, lahan huma anu aya henteu
bisa digarap teterusan kulantaran
tingkat kasuburan taneuhna beuki dieu beuki ngurangan. Lahan huma di
Kanékés ngan ukur digarap sataun sakali. Lahan human anu geus ditinggalkeun
diaranan Jami lamun ditinggalkeunna
acan lila, ari lahan huma anu geus ditinggalkeunnana lila mah nyaéta reuma.
Lahan
garapan huma bakalan terus pundah-pindah tuluy balik deui ka lahan asalna dina
jangka waktu anu ditangtukeun. Di Kanékés lilana puteran ngagarap huma kudu
ragrag kana angka ganjil, kulantaran kapercayaannana angka genap mah cenah
goréng. Di daérah Tangtu jarak puterannana lumangsyng salila 7 jeung 9 taun.
Masarakat Kanékés mere kasempetan pikeun taneuh ngarah bisa subur deui.
Mimitina
di Panamping ogé miboga puteran anu sarua jeung daérah Tangtu, tapi kulantaran
jumlah masarakat anu beuki dieu beuki loba anu ngabalukarkeun jarak waktu
puteran téh teu cukup deui nepika robah jadi 5 taun. Oge kidieunakeun mah jarak
waktu puteran téh nepika 3 taun kusabab 2 taunna masarakat Kanékés loba anu
ngagarap lahan séwaan diluar daérah Kanékés.
C.
Prosés Ngagarap
Ngagarap taneuh ku system huma
merlukeun tahap ngagarap jeung upacara anu leuwih loba dibandingkeun jeung
ngagarap taneuh ku system sawah, kulantaran system huma mangrupa proses
ngagarap taneuh sacara tradisional anu geus lumangsung lila di tatar sunda, aya
na ogé nalika masa pra-islam.
Ditinggali tina posisi béntang
kijang, prosés ngagarap huma di Kanékés tergambar dina sababaraha
rumusan-rumusan, nyaéta : kahiji, Tanggal
Kidang, Turun Kujang (bintang kijang mimiti muncunghul, turun kujang)
hartina nalika bintang kijang muncunghul, éta waktuna mimiti gawé di huma,
harita kujang dipaké pikeun ngarit jukut sangkan lahan jadi bersih. Saacan
dipaké kujang dimantraan heula ku puun. Kadua, Kidang Rumangsang (bintang kijang mekarna subuh) hartina
jukut-jukut jeung régang anu aya kudu geus garing sangkan bisa di duruk. Katilu, Kidang Muhunan (bintang kijang
memuncak), hartina kijang anu bangunna ajeg lurus luhureun sitah nalika waktu
subuh, nalika tahap anu ieu lahan huma kudu geus bersih sangkan bisa di
pelakkan. Kaopat, Kidang Ilang, Turun
Kungkang (kijang ngaleungit, turun walang sangit) hartina nalika bintang
kijang teu muncunghul deui, osok kaluar hama pare nyaéta walang sangit.
Masarakat Kanékés boga kapercayaan yén mangsa éta téh mangsa kaluarna karuhun
sarta siluman anu kudu disanghareupan kalayan sagala rupa usaha boh sacara
lahiriah boh sacara batiniah.
Dina narawas, patani
datang ka lahan nu rék dijadikeun huma. Manéhna milih sababaraha lahan, tuluy
netepkeun lahan nu kira-kirana cocok keur manéhna dina éta taun. Tuluy maéhna
nyacaran nu barala jeung méré tanda dina huma nu geus dipilih sangkan jalma
séjén apaleun yén éta huma téh geus aya nu ngagarap.
Éta lahan téh saméméhna
dicacaran heula sangkan huma kacahyaan ku panon poé, tapi dina kagiatan nyacar
ieu téh, urang Kanékés teu meunang ngababad tatangkalan nu teuas boh anu leutik
atawa nu badag. Pakakas nu dipakéna gé
kudu maké kujang, ulah maké bedog. Ku kituna sistim ngahuma urang Kanékés teu
ngarusak kana alam.
Kagiatan nukuh mangrupa
ngagaringkeun jukut, atawa naon baé anu saméméhna geus di babadan kucara dipoé.
Sanggeus gararing, tuluy dikumpulkeun éta runtah téh dihiji tempat nu engkéna
diduruk.
Ngaseuk nya éta nyieun
liang leutik dina lahan huma nu maké ukuran nu tangtu. Ukuranana kurang leuwih
150 cm jeung badagna kurang leuwih sakeupeul, tur tungtungna di méncoskeun.
Liang-liang leutik téh pikeun melak binih atawa biasana disebut muuhan. Ngaseuk
mah dipigawé ku lalaki, sedengkeun muuhan dipigawé ku awéwé. Lamun aya kénéh
runtah, éta runtah téh dibawaan, ieu kagiatan téh disebut ngirab sawan.Lamun
aya jukut dihuma sanggeus binihna jaradi, nu boga huma sok ngoréd sangkan éta
jukut téh teu ngarusak kana paré nu digarapna. Éta jukut nu dikoréd sok di
awurkeun di sabudereun paré sangkan jadi pupuk.
Sanggeus paré
katinggali asak, éta paré tuluy diala atawa dibuat maké pakakas nu disebut
étém. Sanggeus kitu, dipoé nepikeun ka garing tuluy sanggeus garing
dibengkeutan. Éta pagawéan téh dipigawé di huma sanggeus dibengkeutan tuluy
dibawaan ka kampungna séwang-séwangan tuluy ditendeun di leuit nu tempatna téh
teu jauh ti imahna. Sanggeus ditendeun di leuit mah, kagiatan tatanén urang Kanékés
téh bérés.
Kagiatan huma urang Kanékés
diluhur téh dumasar kana kalender nu dijieun saméméhna. Narawas dina bulan
kahiji atawa mangsa kapat dina
kalénder Jawa, nyacar dina bulan kadua atawa mangsa kalima,nukuh dina bulan katilu atawa mangsa kanem, ngaduruk dina bulan kaopat atawa mangsa kapitu, ngaseuk dina bulan kalima atawa mangsa kawolu, ngirab sawan dina
bulan ka kadalapan atawa mangsa kasawelas.
Ngoréd dina bulan kasalapan atawa mangsa karolas, dibuat dina bulan kasapuluh atawa mangsa kasa, ngunjal dina bulan kasabelas atawa
mangsa karo.
Nalika ngagarap huma, urang Kanékés lain ukur gawé ku fisik atawa jasadna hungkul, tapi
maranéhna gawé ku cara batin dumasar kana kapercayaan séwang-séwang dina wangun
mantra, upacara nyingkahan pantrangan-pantrangan,tur ngerjakeun pituduh
pikukuh. Kujang nu rék dipaké pikeun tatanén, saméméhna dimantraan heula ku
puun. Nalika méh ngaseuk, di huma sérang
jeung huma tuladan, diayakeun upacara adat heula. Upacara nu dimaksud téh
nyaéta:
1.
Nyoo
Binih
Nurunkeun
binih tina lumbung anu digawéan sapoé saméméh melak paré.nu nu digawéna nyaéta
Awéwé
anu maraké selendang jeung sabuk bodas, digelung ku modél gelung malang, tur
maranéhna euweuh nu ngobrol.
2.
Ngahudangkeun
Nyi Pohaci ku cara ngucapkeun kekecapan:
”Tabé, Nyi Pohaci Sanghiyang Asri. Hayu urang ngulih ka weweg sampeg, ka
mandala pageuh! Mangka tetep, mangka langgeng, balik ka imah beurang kénéh!
3.
Nyoplokkeun
paré tina dahanna ku cara diirik atawa ditincakkan di luhur nyiru.
Paré anu hapa dipisahkeun jeung paré nu alus.
4.
Méré
mantra ka kana paré nu alus nu diwadahan dina dingkul.
Carana nyaéta ngayakeun upacara
peuting-peuting, tuluy éta dingkul nu aya paréan dikulilingan ku baris kolot
jeung nu maén angklung. Salasahiji jalma nu aya di baris kolot maca mantra
tuluy ngabéwarakeun yén maranéhna isukan téh rék ngawinkeun Nyi Pohaci Sanhyang
Asri jeung bumi. Jalma nu ngluuhan éta acara ngaku yén manéhna jadi saksi,
tuluy ngadu’a sangkan éta kawinan téh suksés tur langgeng. Tuluy dingkul nu
tadi téh dioyag-oyag bari diputer-puter ku nu mawa dingkul, dipirig ku musik
angklung, laguna téh lagu pangrérémo. Sabada éta musik bérés dipintonkeun,
dingkul nu eusina paré tadi téh di bawa ka jero imah, geus dibawa ka jero imah
mah upacarana bérés.
Isukna, kurang leuwih jam 05.30 isuk-isuk, paré
nu keur peuting téh dibawa ka huma sérang atawa ka huma tuladan ku cara diaping
ku opat urang nu maké saléndang bodas dipirig ku angklung, laguna lagu
pileuleuyan. Di luhur binih paré téh diteundeunan siki picung, siki muncang,
dua rupa kerang, jeung kembang karang nu dianggap kaulinan Nyi Pohaci.
Sajolna di huma, kabéh sora téh eureun. Tuluy dingkul paré diteundeun di pupuhunan,
salega kurang leuwih saméter persegi, anu ditandaan ku awi, kurang leuwih
panjangna téh saméter. Éta awi téh dibeulit ku tali naga, tuluy tuntungna
dihias ku daun kawung ngotra, maké beulitan bintana. Sakapeung mah éta awi téh
dibungkus ku bahan bodas. Dina pupuhunan diteundeunan ogé ku tutuwuhan
saperti:hanjuang, pacing, bubuay, hoé séél, kihuru, parahulu, bangban jeung
panglay. Aya ogé rurujakan, sisir kayu, keris, kaca, kalapa, tangkal cau
anakna.
Sanggeus éta téh tuluy ngukus, nyaéta meuleum
kai anu haseupna téh jadi seungit. Maksud diayakeunna ngukus téh pikeun méré
sasajén jeung ménts du’a restu ka nu Maha Kawasa.Nu mawa binih maca mantra nu
dipirig ku angklung. Tah sanggeus ngukus bérés mah kokolot téh nyieun aseuk, nu
tungtungna téh dibéré minyak seungit. Éta aseuk téh dipaké pikeun ngaliangan 7
liang di jero pupuhunan, 7 liang deui di luar pupuhunan. 7 liang nu aya di jero
pupuhunan téh nu 2 liangna dipak1 pikeun melak paré konéng, nu 5 liang deuina
dipelakan paré Linggasari. Sedengkeun 7 liang nu di luar pupuhunan mah
dipelakan paré beureum. Liang nu di jero pupuhunan dianggap beuheung jeung
sirah, sedengkeun liang di luarna mah dianggap leungeun Nyi Pohaci. Bérés wé
upacara kawinan Nyi Pohaci téh salaku simbol ngamimitian melak paré. Sanggeus
éta, huma sérang jeung huma tuladan téh dipelakan kabéh. Geus bérés melakan
paré mah maranéhna sasalaman, ngadahar seureuh babarengan jeung dahar
babarengan.
Dina soal miara paré, urang Kanékés kacida
ngajaga ka alamna téh. Cara miara alamna ku cara lahir jeung batin. Ku cara
lahiriah nyaéta lahan huma teu pernah dipacul kusabab dilarang, jadi taneuhna
téh tara longsor. Areng atawa sésa tina sampah nu dibeuleumna téh dijadikeun
pupuk tutuwuhan. Lamun aya paré nu keuna ku hama, maranéhna maké ramuan ubar
pikeun ngubaran éta hama. Nyaéta ku cara numbuk pucuk daun cangkudu, pucuk
bangban, kulit tangkal bangban, kulit tangkal jéngjéng, jeung daun karuhang anu
ditinyuh ku cai cuka. Éta ramuan téh dicipratkeun kana gundukan paré unggal
burit.
Lamun miara paré ku cara batiniah, nyaéta ku
cara mintonkeun seni pantun lakon Linggarsari Kolot, jeung seni angklung, sarta
nyadiakeun alat musik mangrupa kolécér nu dipasang dina hiji awi di daérah
Pnamping jeug calintuh nyaéta awi nu aya liangan, tuluy mun keuna ku angin téh
sok disada, éta mah di daréh nu tangtu. Sakwéh seni musik diayakeun pikeun
ngahibur Nyi Pohaci Sanghyang Sri. Nalika umur paré opat bulan, urang Kanékés
sakulawargana sok cicing di huma pikeun nungguan paré nepi ka paré bisa
dipanén. Salila nungguan paré, maranhna ulah ngalakukeun hubungan suami istri,
pikeun ngahargaan Nyi Pohaci.
Nepi ka ayeuna, can pernah aya jalma nu
kalaparan di sabudeureun urang Kanékés. Malah mah béas nu dipasak jeung didahar
téh lolobana mah béas tina hasil panén sababaraha taun saméméhna. Ku cara kitu,
paré hasil ngagarap manéhna ngaleuwihan kabutuhan hirupna. Sering kareungeu yén
urang Kanékés mah loba ngabantuan masarakat luar ku cara méré paréna.
B.. Pakasaban
jeung Sistim Tatanén di Kampung Naga
Kagiatan
ékonomi nu jadi mayoritas masarakat Kampung Naga salila ieu nyaéta tatanén
jeung nyieun karajinan anu bahanna tina awi. Dua kagiatan éta dijadikeun
pangupah jiwa nu utama maranéhna pikeun nyumponan kabutuhan sapopoé.
Salian ti éta, aya
ogé masarakat anu miara domba, hayam, atawa miara lauk di balong, sarta aya ogé
masarakat anu muka warung. Tapi jumlahna ngan saeutik, nu matak ngabalukarkeun
nyieun karajinan jeung tatanén téh jadi dua kagiatan anu salila ieu jadi
pangupa jiwa nu utama.
1.
Sistem Tatanén Tradisional
Dina masarakat patani tradisional, sistem
tatanén masarakat Kampung Naga masih kénéh kacida basajan. Jadi sistem tatanén
masarakat Kampung Naga mah masih kénéh gumantung kana kadaharan sapopoéna. Ku
sabab kitu, melak paré jadi leuwih punjul ti batan jeung jenis pepelakan
séjénna.
Lamun boga paré, jalma ngarasa leuwih aman. Paré
atawa béas sakaligus jadi ukuran beubeunangan maranéhna. Ku sabab paré atawa
béas miboga niléy nu stratégis dina masarakat patani tradisional,paré dianggap
sabagé titisan Déwi Sri Pohaci, cicirén kasuburan patani. Ku sabab kitu, beuki
lega sawah hiji jalma, mangka patani bakal dianggap beuki beunghar. Hirupna
beuki makmur.
Tapi anu jadi bangbaluh masarakat Kampung Naga
téh, nya éta lega lahan tatanénna ngan 6 héktar. Anu jumlah masarakatna 102
kapala kulawarga(KK), jadi rata-rata lahan tatanéna nya éta kira-kira ngan 297
méter persegi unggal KK.
Salian ti heureutna lahan tatanén anu aya, masih
aya paktor séjénna anu mangaruhan kana tingkat karaharjaan maranéhna. Paktor
éta téh nya éta balukar tina tradisi, sistem tatanén tradisionl anu diniléy
leuwih ékonomis. Ngolah taneuh cukup ku ngagunakeun pakakas nu basajan, tur
cukup ku tanaga sadudulur atawa tatangga deukeut nu aya di lingkungan masarakat
Kampung Naga.
Dina ngolah taneuh contona, maranéhna henteu
ngagunakeun tracktor, tapi ngansaukur
ngagunakeun pacul. Sedengkeun, tanaga anu dipaké dina ngolah taneuh nya éta ti
kulawargana sorangan. Atawa dumasar kana usaha silih tulungan jeung sasama
masarakat séjénna bari jeung teu silih itungan, komo bari jeung kudu mayar mah.
Prosés ieu masih dipaké dina sababaraha tahap
kagiatan satuluyna, nepi ka paré dipanén, tuluy dipoé jeung diasupkeun ka goah.
Tapi, ku sabab dina tradisi maranéhna paré henteu ngan saukur dinggap sabagé
komoditas utama, mangka dina unggal tahap kagiatan tatanén, biasana diayakeun
upacara ritual, ku cara nyadiakeun sasajén.
a.
Paré salaku Perwujudan Dewi Sri Pohaci
Di
wewengkon tatanén hususna anu patanina tradisional kénéh, paré téh dianggap
pepelakan anu nyilokakeun Déwi Sri Pohaci nu mawa karaharjaan pikeun umat
manusa. Di sawatara tempat, Déwi Sri Pohaci miboga sababaraha ngaran. Di daérah
kalér jawa Barat, Déwi Sri Pohaci disebut Déwi Sri atawa Nyi Sri Pohaci. Tapi
aya ogé anu nyebut Nyi Pwah Aci.
Carita
ngeunaan Déwi Sri Pohaci aya dina carita pantun. Dina éta carita, eusina téh
nyaritakeun ngeunaan awal gubragna Déwi Sri Pohaci nepi ka maotna.
Carita
rahayat anu sumebar di wewengkon patani tradisional éta, ngajadikeun budidaya
paré téh ngaliwatan prosés anu dibarengan ku upacara-upacara ritual. Malahan
mah éta upacara geus lumangsung ti mimiti rék ngolah sawah nepi ka ahui usum
panén datang jeung hasil panén diteundeun ka goah.
b.
Nangtukeun Waktu
Di
wewengkon nu lahan tatanénna geus ngagunakeun sistem irigasi, mimiti turun ka
sawah ditangtukeun dumasar kana jadwal ngabagi cai, anu ngamalir ti bendungan.
Tapi sawatara wewengkon anu lahan tatanénna gumantung kana sumber cai nu aya di
sabudeureunnana, masarakat Kampung Naga nangtukeun mimiti ngolah sawah dumasar
kana usum.
Dina sataun, maranéhna ngabagi jadi dua belas bulan atawa dua belas
mangsa. Dua belas mangsa éta nya éta, kasa,
karo, katiga, kapat, kalima, kanem, kapitu, kawolu, kasanga, kasadasa, desta,
jeung sada. Pikeun mikanyaho iraha waktu nu merenah piekun nyawah,
diantarana ngaliwatan élmu palintangan. Misalna, lamun maranéhna geus nempo
béntang wuluku di lengi belah kidul, mangka nyawah bisa dimimitian.
Hal éta ku lantaran rasi béntang téh saupama dihijikeun antara nu
hiji jeung nu lianna, bakal aya gambar wuluku. Béntang wuluku mangrupa isarat
rék datangna usum hujan.
c.
Megat Solokan
Sanajan
kawatesan ku cai, sabenerna mah geus pasti hujan bakal turun, tapi ku sabab
nasib unggal jalma teu sarua, mangka waktu anu paling alus masih kudu diitung
dumasar kana kalahiranana. Saupama geus dipikanyaho, maranéhna bakal turun ka
sawah, ngatur cai nepi ka taneuh kakeueum salila sababaraha poé. Taneuh jadi
biyé jeung babari dipacul. Saenggeus diratakeun, dina salah sahiji pojok sawah,
disiapkeun tempat pikeun pabinihan.
Saenggeus
umurna 25 atawa 30 poé, binih paré téh dicabut, tuluy dipelakeun deui,
anggangna 25 x 25 cm. prosés melak deui éta binih disebutna tandur.
Saméméh
asup kana mangsa panén, paré di sawah téh sahenteuna ngalaman dua kali
ngarambét atawa meresihan jukut anu aya di sisi-sisi paré. Salah sahiji tarékah
sangkan hasil panén nyugemakeun nya éta nyadiakeun sasajén anu disebut
ngarujakan
Narujakanasalnatinakecaprujakanudibéréawalannga-
jeungahiran –an. Artinasaruajeungnyadiakeunsasajénrujak,sababanggaapanmaranéhna,
paréanukeurayadinamangsakembangantéhliribaratDéwi Sri
Pohacianukeurhamilngora.
Prosésnyadiakeunsasajéntéhmasihkénéhdilakonan, nalikaparédipanénnepikadipoéturdibeungkeutandinabeuratanugeusditangtukeun,
saméméhdiasupkeunkaleuit. Unggalbeungkeutan rata-rata beuratna 4,5 kg
jeungdisebutsaeundan. Unggalduaeundan, dihijikeunjadisageugeus.
Kiwari, caraneundeunhasilpanénleuwihgampang.
Paréanugeusmeunangmanéntuluydijadikeungabahheula.Tuluydipoé,
étagabahtéhditeundeundinakarung. Karung-karung nu eusinagabahtéhtuluyditeundeun
di goah.
GoahtéhdianggapsabagétempatcicingnaDéwi Sri
Pohacijeungsakaligusjadidaérahkakawasaanawéwé.Di étarohangan,
nganawéwéanubogapancénpikeunjadipangurusna.Peranawéwédinaneundeunkabutuhankadaharandisaruakeunjeungpadaringan.
Padaringanatawapabéasantéhhartinanyaétatempatneundeunbéas.
d.
Jenis Paré nu dipelak
Sanajan
ti taun 1960-an pamaréntah geus ngawanohkeun variétas punjul anu miboga sababaraha
kapunjulan, tapi masarakat Kampung Naga mah leuwih milih binih paré lokal.paré
variétas punjul sok disebut paré ségon. Tapingaransabenernamahgeusteurélevandeui, sababbéasimporgeushenteudidatangkeunti Saigon
kawasdinataun 1960-an. Istilahieuayalantaran Indonesia pernahngalamankesulitanpangan, nepika kudu
ngadatangkeunbéasti Saigon. Ku létahurangSundamah Saigon téhrobahjadiségon.
Sanajangeusdiakuyénvariétaspunjulbisaningkatkeunproduktipitas,
tapinaéknateusaluyujeungbiaya-biayaanudikaluarkeunpikeunpupuk, péstisidajeungbiayangurusséjénna.Sabalikna,
binihparélokalmahgeusdiakuyénproduktipitasnahandapjeungumurnaleuwihlila.
Tapibiayaproduksinadianggapleuwihmurahsababteuperlulobaasupan.Sedengkeunsawahanutingkat
kasuburananaleuwihhandap, nganngahasilkeun 6-7 kg gabah per bata.Sabata téh saruajeung
14 méterpasagi.
Jenisparélokal nu
dipelaknyaétaRégol, Jamblang, Lokcan, Ketan,
jsb.Sanajanmaranéhnangakuyénproduktipitasnahandap,
tapijenisparélokalmibogakapunjulansababsangunakarasaleuwihpulen,
jadiharganaogéleuwihmahal.
BAB IV
PANUTUP
PANUTUP
A.
Kacindekkan
Tatanén asal kecap tina
tani anu hartina tatanian, ngalaman parobahan morfologis jadi kecap tatanén.
Tatanén atawa tani, mangrupa hiji tempat pikeun melak tutuwuhan. Tatanén leuwih
museur kna sawah atawa melak paré, aya ogé kecap tatanén anu dipaké pikeun ngebon.
Masarakat kanékés hirup
dina hasil tatanén, sistem tatanén anu di pakéna nyaéta sistem ngahuma.
Ngagarap taneuh ku sistem sawah mangrupa hal anu teu biasa pikeun maranéhna.
Salian tina sistem huma, maranéhna meunang sumber kahirupan tina usaha nyadap
kawung pikeun dijadikeun guka beureum, néang madu dileuweung, moro dileuweung,
nyair lauk diwalungan, jeung metik buah tina tatangkalan anu gedé, saperti cau,
kadu, peuteuy, kalapa, rambutran, jst.
Kagiatan
ékonomi nu jadi mayoritas masarakat Kampung Naga salila ieu nyaéta tatanén
jeung nyieun karajinan anu bahanna tina awi. Dua kagiatan éta dijadikeun
pangupah jiwa nu utama maranéhna pikeun nyumponan kabutuhan sapopoé.
Salian ti éta, aya
ogé masarakat anu miara domba, hayam, atawa miara lauk di balong, sarta aya ogé
masarakat anu muka warung. Tapi jumlahna ngan saeutik, nu matak ngabalukarkeun
nyieun karajinan jeung tatanén téh jadi dua kagiatan anu salila ieu jadi
pangupa jiwa nu utama.
B.
Saran
Kabudayaan mangrupa hiji hal anu penting pikeun
dimumulé ku urang saléréa. Kabudayaan nu aya ayeuna kudu diwariskeun ku cara
turun tumurun, sangkan éta kabudayaan téh moal leungit nepi ka ahir jaman.
Urang salaku nu narima éta kabudayaan ogé kudu maké jeung nurunkeun deui ka
generasi saterusna.
Sistim tatanén nu aya di Kampung Naga
jeung Kampung Baduy kudu diturutan ku urang. Sabab maranéhna tatanén téh tara
bari ngarusak alam. Alam kacida pentingna keur manéhna, jadi euweuh anu wani
ngarusak éta alam.
BAB V
DAPTAR PUSTAKA
DAPTAR PUSTAKA
Ekadjati, Edi. S. 2005.
Kebudayaan SundaSuatu Pendekatan Sejarah.
Bandung: Pustaka
Jaya
----------------. 2005.
Kebudayaan Sunda Jaman Pajajaran. Bandung:
Pustaka Jaya
Guillot, Claude. 2008. Banten
Sejarah dan Peradaban Abad X-XVII. Jakarta: Kepustakaan
Popouler
Gramedia
Sagita, Eva Sulistina. 2007. Istilah
Tatanén di Wilayah Kecamatan Karang Tengah
Kabupatén
Cianjur pikeun Bahan Pangajaran Kandaga
Kecap Basa Sunda di SMP. Skripsi Sarjana
Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas pendidikan
Indonesia. Bandung: Tidak diterbitkan.
Suganda, Her. 2006. Kampung Naga. Bandung: Kiblat
Wahyuni, Dini.
2001. Kandaga kecap istilah tatanén nyawah di kacamatan ciamis kabupaten
ciamis
(tilikan struktur jeung semantik). Skripsi
Sarjana Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas
pendidikan Indonesia. Bandung: Tidak diterbitkan
Post a Comment